Wangsit Prabu Silihwangi

Visit Sukabumi -  Wangsit Prabu Silihwangi

Wangsit Prabu Silihwangi


Sing waspada sakabeh turunan dia,

Ku ngaing bakal dilanglang

Ngan di waktu perlu, ngaing bakal datang deui

Nulungan nu barutuh, mantuan nu sarusah

Tapi ngan nu hade lampahna, mun datang

Ngaing moal kadeuleu

Mun ngaing nyarita moal kadenge

Memang ngaing bakal datang, tapi ngan

Ka nu rancage hatena


Ka nu weruh semu saestu, nu ngarti

Kana wangi nu sajati

Jeung nu surti lantip pikirana nu hade laku lampahna

Lamun ngaing datang teu nyawara

Tapi mere ciri ku wawangi

Pun, geus ditangtukeun ti anggalna

Yen poe ieu bakal aya sora balarea

Nu bijil tina ati sanubari

Nu medal tina bagalna rasa

Kiwari kami datang deui

Marengan make ngaran

Pancen jeung jiwa kami

Hayang matuh eta ngaran

Dina sungsum balung aranjeun

Hayang nitipkeun ngaran “Pakuan”

Pangancikan kami

Jeung hayang supaya eta ngaran

Tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun

Ku kami baheula

Geura tampa ieu ngaran

He .. nu ngageugeuh pakuan anyar

Omat sing bisa mawana

Jeung sing bisa ngabadanana

Bral, sing panjang natar lalakon

Kasamaran picaritaeun

Cag!.




Keris teh salahsawios hiji hasil ti budaya bangsa nu tos kawentar di masarakat jawa keur  hususna, jeung bangsa Indonesia umumna malihan mah samemeh Perang Dunia kadua keris teh kadudukan na teh penting pisan keur kahirupan masarakat, buktina tinu paribasa yen hiji jalma tos cukup jeung lengkep hirupna lamun geus ngabogaan imah, garwa, turangga, kukila, jeung keris (Djoko soekiman, 1982). Keris teh dingaranan wesi aji atau tosan aji besi anu aya nilaian, dihargaan jeung di hormatan dianggap aya tuahan jeung karamat. Kukituna keris teh ngandung harti anu beda diantara nu mikaresepna.(Sumodiningrat, 1983). Seleresna na teh keris mangrupakeun hiji sanjata “tikam”, nu tos kawentar sanusantara nu beda corak jeung bentukna. Saluyu jeung parubahan jaman kagunaan keris oge aya parubahan tinu asalna jadi sanjata jadi banda karamat, pusaka anu dipupusti, lambang na kaluarga, tanda jasa, tanda pangkat jeung jabatan, barang nu mewah, jeung karya seni. (Hamjuri, 1973).

S


Sumber nu tertulis ngenaan keris loba disebutkeun dina naskah-naskah (Girardet dkk, 1983), boh dinu kitab-kitab parimbon nu isina ngeunaan catetan loba hal, dinu kitab-kitab sajarah atau kitab pancakaki para empu, jeung oge sok disebutkeun dinu kitab-kitab babad.



Dinu elmu keris atawa kerisologi (?) loba disebutkan ciri-ciri nu natrat ngeunaan keris-keris nu alus jeung tangguh. Ciri-ciri na teh nu nunjukeun jaman iraha jeung daerah mana wae keris teh di jieun na. Contona keris-keris nu tangguh: Pajajaran, Majapahit, Tuban, Sedayu, Blambangan, Pajang, Mataram, jeung Kartasura. Keris-keris nu tangguh eta tangguh Pajajaran anu paling kolot.



(Sumber. Silihwangi dan Pajajaran Menurut Beberapa Sumber Jawa, DR. Darusuprata)



Nu matak kuring loba jeung hayang wanoh jeung nyaho teh keris Pajajaran teh nu kumaha, naha kawas samodel kujang, kungsi cek cenah ari keris Pajajaran mah bentukna teh lempeng eweuh pepengkolan jeung arula arileu na. Naha enya !!.



Cag ach.



Pamairan Sili(h)wangi

Sumber. Universitas Pakuan
Comments
1 Comments

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Flash back terhadap kejayaan dari pajajaran. Wilujeung pateupang kang, mampir ka sim abdi http://flamboyan68.blogspot.com
hatur nuhun

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...

Labels