Visit Sukabumi - Wangsit Prabu Silihwangi
Wangsit Prabu Silihwangi
Sing waspada sakabeh turunan dia,
Ku ngaing bakal dilanglang
Ngan di waktu perlu, ngaing bakal datang deui
Nulungan nu barutuh, mantuan nu sarusah
Tapi ngan nu hade lampahna, mun datang
Ngaing moal kadeuleu
Mun ngaing nyarita moal kadenge
Memang ngaing bakal datang, tapi ngan
Ka nu rancage hatena
Ka nu weruh semu saestu, nu ngarti
Kana wangi nu sajati
Jeung nu surti lantip pikirana nu hade laku lampahna
Lamun ngaing datang teu nyawara
Tapi mere ciri ku wawangi
Pun, geus ditangtukeun ti anggalna
Yen poe ieu bakal aya sora balarea
Nu bijil tina ati sanubari
Nu medal tina bagalna rasa
Kiwari kami datang deui
Marengan make ngaran
Pancen jeung jiwa kami
Hayang matuh eta ngaran
Dina sungsum balung aranjeun
Hayang nitipkeun ngaran “Pakuan”
Pangancikan kami
Jeung hayang supaya eta ngaran
Tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun
Ku kami baheula
Geura tampa ieu ngaran
He .. nu ngageugeuh pakuan anyar
Omat sing bisa mawana
Jeung sing bisa ngabadanana
Bral, sing panjang natar lalakon
Kasamaran picaritaeun
Cag!.
Keris teh salahsawios hiji hasil ti budaya bangsa nu tos kawentar di masarakat jawa keur hususna, jeung bangsa Indonesia umumna malihan mah samemeh Perang Dunia kadua keris teh kadudukan na teh penting pisan keur kahirupan masarakat, buktina tinu paribasa yen hiji jalma tos cukup jeung lengkep hirupna lamun geus ngabogaan imah, garwa, turangga, kukila, jeung keris (Djoko soekiman, 1982). Keris teh dingaranan wesi aji atau tosan aji besi anu aya nilaian, dihargaan jeung di hormatan dianggap aya tuahan jeung karamat. Kukituna keris teh ngandung harti anu beda diantara nu mikaresepna.(Sumodiningrat, 1983). Seleresna na teh keris mangrupakeun hiji sanjata “tikam”, nu tos kawentar sanusantara nu beda corak jeung bentukna. Saluyu jeung parubahan jaman kagunaan keris oge aya parubahan tinu asalna jadi sanjata jadi banda karamat, pusaka anu dipupusti, lambang na kaluarga, tanda jasa, tanda pangkat jeung jabatan, barang nu mewah, jeung karya seni. (Hamjuri, 1973).
S
Sumber nu tertulis ngenaan keris loba disebutkeun dina naskah-naskah (Girardet dkk, 1983), boh dinu kitab-kitab parimbon nu isina ngeunaan catetan loba hal, dinu kitab-kitab sajarah atau kitab pancakaki para empu, jeung oge sok disebutkeun dinu kitab-kitab babad.
Dinu elmu keris atawa kerisologi (?) loba disebutkan ciri-ciri nu natrat ngeunaan keris-keris nu alus jeung tangguh. Ciri-ciri na teh nu nunjukeun jaman iraha jeung daerah mana wae keris teh di jieun na. Contona keris-keris nu tangguh: Pajajaran, Majapahit, Tuban, Sedayu, Blambangan, Pajang, Mataram, jeung Kartasura. Keris-keris nu tangguh eta tangguh Pajajaran anu paling kolot.
(Sumber. Silihwangi dan Pajajaran Menurut Beberapa Sumber Jawa, DR. Darusuprata)
Nu matak kuring loba jeung hayang wanoh jeung nyaho teh keris Pajajaran teh nu kumaha, naha kawas samodel kujang, kungsi cek cenah ari keris Pajajaran mah bentukna teh lempeng eweuh pepengkolan jeung arula arileu na. Naha enya !!.
Cag ach.
Pamairan Sili(h)wangi
Sumber. Universitas Pakuan